Halaman

Label thanks Gulageu Follow me on Facebook Follow me on Twitter Gallery Photos in Photobucket Send your e-mail

Minggu, 08 Januari 2012

KASMARANDANA



Naon atuh maksud ati
Naha pikir gagantungan
Sihoreng nunjuk ka saha
Nu sok mindeng diheureuyan
Naha kieu jadina
Sok haying diaku batur
Ngambeh jadi patalian

Sok haying gera ditaksir
Kunu sok ngabareunganan
Pan tos dalit ti baheula
Kapan mindeng sasarengan
Sanes maksad ngaleuncang
Mun jadi arek satuhu
Satepi akhirna jaga

07-01-2012

SAMOJA



Ama… rasa asa dipentrang-pentring
Waktu salira diiuhkeun dina handapeun sarangenge
Dilinduhan kusamoja nu ngarandaka
Bagea taneuh-bumi nyambut salira

Cai kami nuasal tina kanyaah
Sanaos sibanjurbahekeun tina kadeudeuh
Tetep bae moal bisa ngeureunkeun lengkah

Ama… jalan anu ngebat manjang
Motret carita urang ayeuna
Motret samoja anu kudu didadahan

07-01-2012

CAHYA SUMIRAT



Bulan nyirat susurat
Nyilokaan mencarkeun cahya saurat
Dina geter angen getih jeung rasa jadi sagurat

Dur hujan jeung angina
Urang patingtungkeun jeung hariring kula
Tapi omat tong dilantisgaringkeun

06-01-2012

SAGARA NU MIGURAAN



Dina kumerlip bentang
Peuting ieu kami rek nganjang
Ulah rek ngejat najan kami rek pertentang

Kapan sagara ama…baheula miguraan
Satepi ayeuna ku kami dipuja di dama-dama
Ieung ama… kinanti kami sasorog rasa

06-01-2012